Lirik Lagu Nining Meida – Kasmaran

 
Lirik Lagu Nining Meida – Kasmaran

paanggang asa lalewang
teu tepang hate lonkewang
panjutan nu dipiheman
tuh weleh kabayang bayang

mungguhing ari kacinta

teu anggang tina curiga
sok inggis panutan rasa
sulaya henteu satia

pipikiran kumalayang
keur anu nandang kasmaran
lamunan anteng gumawang
keur anu nyorang kasmaran

harepan jeung kabagyan
anu ngajadi udagan
mugia sing tinekanan
lain saukur impian

Lirik Lagu Nining Meida – Kasmaran

You can purchase their music thru 
Amazon Music or Apple Music
Disclosure: As an Amazon Associate and an Apple Partner, we earn from qualifying purchases

https://www.youtube.com/watch?v=Uz-_f5J8DM4